Jangar,,,,,,,, kitu meureun mun ceuk jalma mah basa kuring
cle diuk nyanghareupan leptop. Rek naon cenah kuring ngajentul hareupeun leptop?
Rek maen game angry birds? Eits gagabah, lain... pangna kuring diuk
nyanghareupan laptop teh tadi namah hayang tulas tulis sukur-sukur jadi carita
pendek, kitu satadina mah. Tapi edas geuning ti tatadi dicipta-cipta rek
ngabudalkeun isi hulu, ari geus kieu mah meuni hese kacida, can kabayang
dimimitian ku kecap naon. Da basa kuring leuleumpang sabada netepan asar di langgar
tadi mah pikiran teh asa baceo nika ramo teh ateul teu kuat hayang geura geura
ngabudalkeun eusi sirah, tapi nyatana ampir setengah jam kuring can meunang
sabaris-sabaris acan. Beda pisan basa kuring ngabales sms ti si manehna meuni
nereleng bebas hambatan pisan. Teu kudu mikir sagala, estuning lungsur langsar
ces tereleng. Tuh nya sakedap aya sms deui, ku kuring bade dibales heula. Cag!!
Selasa, 17 Desember 2013
Senin, 09 Desember 2013
Salah Sangkaan (bagian 2)
Atuh wanci teh teu karasa, kiwari kuring geus jejeg nincak
umur 17. Kitu deui sobat ulin kuring anu 4an ayeuna pada-pada geus kelas 3 SMA.
Tapi hanjakal, kuring 5an geus teu sakelas deui, malahan beda sakola. Kuring,
ramdan katut ela sakola di SMA Kalapa ngora, sedengkeun juned jeung jaka di STM
Buana. Lain embung babarengan deui, tapi nya kumaha deui masing masing boga
cita-cita nu teu sarua. Parandene kitu unggal sore teu weleh panggih di langgar
sabada netepan asar, malah mun kaparengan mah mulang sakola ge sok babarengan,
teu kitu kumaha sakola SMA jeung STM teh kawilang teu pati jauh, kahalangan ku
kandang sapi haji aceng nu ceuk beja mah ngabogaan kurang leuwih 130 sapi
peunciteun.
“ahhhh sabtu deui...” ceuk kuring sabada mukakeun panto
kamar tuluy ngalungkeun tas kana meja belajar, goledag setengah ngabeubeutkeun
awak kana ranjang, karasa lungse. Panaon lalaunan dipeureumkeun tapi teu lila,
da kaburu serab ku panon poe tina jandela nu nembus tina sela-sela hordeng. Atuh
kuring rada ngeser ka beulah kenca, rada iyuh beulah dinya mah. Tayohna mah
harita teh wanci alam kira-kira tabuh setengah 3 beurang. Sabari peureum kuring
ngalamun, ras dina lamunan kuring basa tadi balik sakola 5an, nyeh kuring seuri
leutik “teu karasa geus tereh lulus sakola SMA deui” ceuk kuring dina jero
hate. Ras deui dina lamunan teh beungeut2 sobat kuring hiji2. Ramdan, ela, jaka
jeung juned piligenti nembongan dina lamunan kuring, kabayang keneh baheula
waktu lehoan keneh. Barang ras ka ela kuring seuri sorangan deui “beuki geulis
wae si ela teh” ceuk kuring sabari ngabayangkeun ela ayeuna nu jangkung
lenjang, geulis beda ti nu lain,pikaresepeun nu ningali. tapi someah jeung
bageur na teu obah ti baheula. Enya ge kawilang geulis tapi tara katingali ela
leumpang bareng jeung lalaki iwal ti kuring jeung babaturan nu 3 an deui,
jajauhanan boga kabogohmah. Da eta we mun aya nu resepeun oge biasana ela sok
cumarita ka kuring jeung barudak lainna. Sakanyaho kuring nu resepeun ka ela
mah loba, batur sakelas, sasakola,nepi ka alumni sakola kuring nu kuliah di
universitas di bandung. Kuring apal teh basa poe sabtu harita teh sababaraha
bulan katukang, kuring, ela jeung ramdan sabadana bubar sakola jajan es cendol
di hareupeun sakola nungguan jaka jeung juned nu geus jangji balik bareng. Ti
jauh katingali lalaki tumpak motor vespa kira-kira 3-4 taun saluhureun kuring
nyampeurkeun, barang nepi, eta motor buru-buru diparkir sisieun tukang cendol.
“hei ela” ceuk eta lalaki sabari neuteup ka ela
“hei kang” tembal ela singket
“sakedap nya bade pendak sareng Bapa Rodi heula”
Teu nungguan jawaban ela eta budak lalaki teh gidig we ka
ruangan kepala sakola bangun rusuh
“saha eta teh ela?” tanya ramdan ka ela
“kang adit, mantan ketua OSIS 4 taun katukang, moal kaalaman
ku urang2 mah” tembal ela bari mikeun gelas ka mang daman, tukang cendol
“tilu nya mang” ceuk ela sabari mikeun duit Rp.1500 ka mang
daman, ku mang daman ditampanan
“euleuh geuning di traktir, Yad” pok na juned bari noel
leungeun kuring
“alhamdulillah, nuhun ah ela. Apal ditraktir kieu rek mesen
2 deui mah dibungkus keur ema jeung bapa” ceuk kuring bari nyengir
“maneh mah” ceuk juned ngabarakatak sabari nakol sirah kuring
ku sendok, ela ngan ukur nyengir
“eh, ela naha kenal jeung kang adit kang adit tadi?” kuring
mimiti panasaran ka ela
“ela ge apal ti nengsih, kang adit teh apanan putra pa Rodi”
tembal ela (nengsih=babaturan sabangku ela, pa rodi=kepala sakola)
“oh nu basa acara seminar pelajar, anu jadi moderator na pan
nya?” juned nyamber
“tah, inget juned mah geuning” ceuk ela. Kuring mah gagaro
sirah bari nginget2
“trus kenaleun ka ela na kumaha?” tanya kuring deui
“pan harita teh ela kabagean tugas maca wahyu Ilahi geuning,
barang ela rek mulangkeun Quran ka kantor, kang adit nu harita sami aya
dikantor nyampeurkeun, ngajak kenalan geura” saur ela
“bogoheun meureun nya Yad” ceuk juned bari ngalieuk kakuring
sabari ngiceupan
“hmmmmm entahlah mario” ceuk kuring sabari ngangkat dua
leungeun jeung taktakna, nirukeun pilm2 telenovela
“Teu eucreug” ceuk juned, sendok nu masih di cekel nakol
deui kana sirah kuring
Barang kuring tiluan keur gunem catur, lalaki nu ceuk ela
ngaran na kang adit nyampeurkeun. Enya, nyampeurkeun ela.
“ela tacan uih?” tanya kang adit sabari mencrong ka ela
sabari imut. Imuut????
“tacan, ieu nuju ngantosan rerencangan” tembal ela bari
tungkul. Kuring jeung juned pating haluleng, dianggap tutunggul kuburan kitu
nya?
“hayu bisi disauran ema, ulah ameng wae. Sareng we kana
motor kang adit” saur kang adit semu maksa
“hatur nuhun kang, ela bade sareng juned we sareng yadi we
tos biasa uih sareng rerencangan” tembal ela
Kang adit katingali teu sabar, harita keneh nyampeurkeun ela
rek ngajeuwang pananganna tapi teu kebat kaburu aya nu ngagorowok
“hey maneh!!!!” pok na tarik pisan sabari curuk na ngacir
nunju-nunjuk ka nu keur ngobrol
Gebeg, kang adit semu reuwaseun kulantaran ti jauh katingali
2 lalaki awakna seseg nyampeurkeun. Kang adit terus mundur sabari amit ka ela
“nya atuh, tipayun nya” saur kang adit sabari nyampeurkeun
vespa na, gerung gerung jiuss weh satengah ngebut.
“juned siah ngareureuwas maneh mah euy” ceuk kuring basa
manehna jeung jaka nyampeurkeun
“aya naon, aya naon?” tanya jaka
“ari nu tadi saha? Naha make indit?” tanya juned
“teuing, sieuneun ku maneh meureun ned, pedah tadi tutunjuk
sabari ngagorowok” tembal kuring bari ngabarakatak
“sora maneh tea siga maung” sambung ramdan
“hor, maksud kuring mah tadi ngagorowok ka maraneh. Duh
hampura ela, rerencangan ela na jadi kabur”ceuk juned
“teu nanaon, hayu uih ah”ceuk ela
Atuh geus kitu mah bring we budak 5an eta teh baralik,
diselang ku ngobrol kajadian tadi sabari seuseurian
“marukan na kuring ngagorowok ka kang adi mreun nya?” ceuk
juned bari seuri ngagakgak
“enya sigana mah, reuwaseun ningali dedegan juned jeung jaka
meureun anu seseg” tembal ela embung eleh
“budak STM teaaaaa” ceuk jaka sabari seuri
“wuuuuuuuuu”ceuk kabehan nyurakan sabari nekean sirah jaka.
Lamunan kuring kageuingkeun ku sora adan ashar,
“alhamdulillah...” ceuk kuring bari hudang tina ranjang, tuluy ganti baju,
beberesih. Asup deui ka kamar nyokot samping sarung tuluy kaluar imah.
Kabeneran jaka ge karak kaluar tiimahna rek ka langgar.
“hei yansen!!!” ceuk jaka
“hei jekki!!” tembal kuring embung eleh
“mulang ti langgar ka imah ela yu!” pok na jaka ngajak ka
kuring
“teu bisa ayeuna mah” kuring pura2
“euhhh, ari isukan??” tanya jaka bangun kuciwa
“minggu” jawab kuring bari seuri. Jaka mah ngahuleng bangun
nu teu ngartieun meunang sabaraha lila
“jadol maneh!!!!” ceuk jaka semu kesel sabari nutupan sirah
kuring ku sarungna
“ampun ampun...hayu atuh hayu raden jaka” ceuk kuring bari
pakeupis ngaleupaskeun sarung jaka anu ngarungkupan sirah kuring
Langganan:
Komentar (Atom)