Selasa, 17 Desember 2013

deadlock

Jangar,,,,,,,, kitu meureun mun ceuk jalma mah basa kuring cle diuk nyanghareupan leptop. Rek naon cenah kuring ngajentul hareupeun leptop? Rek maen game angry birds? Eits gagabah, lain... pangna kuring diuk nyanghareupan laptop teh tadi namah hayang tulas tulis sukur-sukur jadi carita pendek, kitu satadina mah. Tapi edas geuning ti tatadi dicipta-cipta rek ngabudalkeun isi hulu, ari geus kieu mah meuni hese kacida, can kabayang dimimitian ku kecap naon. Da basa kuring leuleumpang sabada netepan asar di langgar tadi mah pikiran teh asa baceo nika ramo teh ateul teu kuat hayang geura geura ngabudalkeun eusi sirah, tapi nyatana ampir setengah jam kuring can meunang sabaris-sabaris acan. Beda pisan basa kuring ngabales sms ti si manehna meuni nereleng bebas hambatan pisan. Teu kudu mikir sagala, estuning lungsur langsar ces tereleng. Tuh nya sakedap aya sms deui, ku kuring bade dibales heula. Cag!!

Senin, 09 Desember 2013

Salah Sangkaan (bagian 2)



Atuh wanci teh teu karasa, kiwari kuring geus jejeg nincak umur 17. Kitu deui sobat ulin kuring anu 4an ayeuna pada-pada geus kelas 3 SMA. Tapi hanjakal, kuring 5an geus teu sakelas deui, malahan beda sakola. Kuring, ramdan katut ela sakola di SMA Kalapa ngora, sedengkeun juned jeung jaka di STM Buana. Lain embung babarengan deui, tapi nya kumaha deui masing masing boga cita-cita nu teu sarua. Parandene kitu unggal sore teu weleh panggih di langgar sabada netepan asar, malah mun kaparengan mah mulang sakola ge sok babarengan, teu kitu kumaha sakola SMA jeung STM teh kawilang teu pati jauh, kahalangan ku kandang sapi haji aceng nu ceuk beja mah ngabogaan kurang leuwih 130 sapi peunciteun.
“ahhhh sabtu deui...” ceuk kuring sabada mukakeun panto kamar tuluy ngalungkeun tas kana meja belajar, goledag setengah ngabeubeutkeun awak kana ranjang, karasa lungse. Panaon lalaunan dipeureumkeun tapi teu lila, da kaburu serab ku panon poe tina jandela nu nembus tina sela-sela hordeng. Atuh kuring rada ngeser ka beulah kenca, rada iyuh beulah dinya mah. Tayohna mah harita teh wanci alam kira-kira tabuh setengah 3 beurang. Sabari peureum kuring ngalamun, ras dina lamunan kuring basa tadi balik sakola 5an, nyeh kuring seuri leutik “teu karasa geus tereh lulus sakola SMA deui” ceuk kuring dina jero hate. Ras deui dina lamunan teh beungeut2 sobat kuring hiji2. Ramdan, ela, jaka jeung juned piligenti nembongan dina lamunan kuring, kabayang keneh baheula waktu lehoan keneh. Barang ras ka ela kuring seuri sorangan deui “beuki geulis wae si ela teh” ceuk kuring sabari ngabayangkeun ela ayeuna nu jangkung lenjang, geulis beda ti nu lain,pikaresepeun nu ningali. tapi someah jeung bageur na teu obah ti baheula. Enya ge kawilang geulis tapi tara katingali ela leumpang bareng jeung lalaki iwal ti kuring jeung babaturan nu 3 an deui, jajauhanan boga kabogohmah. Da eta we mun aya nu resepeun oge biasana ela sok cumarita ka kuring jeung barudak lainna. Sakanyaho kuring nu resepeun ka ela mah loba, batur sakelas, sasakola,nepi ka alumni sakola kuring nu kuliah di universitas di bandung. Kuring apal teh basa poe sabtu harita teh sababaraha bulan katukang, kuring, ela jeung ramdan sabadana bubar sakola jajan es cendol di hareupeun sakola nungguan jaka jeung juned nu geus jangji balik bareng. Ti jauh katingali lalaki tumpak motor vespa kira-kira 3-4 taun saluhureun kuring nyampeurkeun, barang nepi, eta motor buru-buru diparkir sisieun tukang cendol.
“hei ela” ceuk eta lalaki sabari neuteup ka ela
“hei kang” tembal ela singket
“sakedap nya bade pendak sareng Bapa Rodi heula”
Teu nungguan jawaban ela eta budak lalaki teh gidig we ka ruangan kepala sakola bangun rusuh
“saha eta teh ela?” tanya ramdan ka ela
“kang adit, mantan ketua OSIS 4 taun katukang, moal kaalaman ku urang2 mah” tembal ela bari mikeun gelas ka mang daman, tukang cendol
“tilu nya mang” ceuk ela sabari mikeun duit Rp.1500 ka mang daman, ku mang daman ditampanan
“euleuh geuning di traktir, Yad” pok na juned bari noel leungeun kuring
“alhamdulillah, nuhun ah ela. Apal ditraktir kieu rek mesen 2 deui mah dibungkus keur ema jeung bapa” ceuk kuring bari nyengir
“maneh mah” ceuk juned ngabarakatak sabari nakol sirah kuring ku sendok, ela ngan ukur nyengir
“eh, ela naha kenal jeung kang adit kang adit tadi?” kuring mimiti panasaran ka ela
“ela ge apal ti nengsih, kang adit teh apanan putra pa Rodi” tembal ela (nengsih=babaturan sabangku ela, pa rodi=kepala sakola)
“oh nu basa acara seminar pelajar, anu jadi moderator na pan nya?” juned nyamber
“tah, inget juned mah geuning” ceuk ela. Kuring mah gagaro sirah bari nginget2
“trus kenaleun ka ela na kumaha?” tanya kuring deui
“pan harita teh ela kabagean tugas maca wahyu Ilahi geuning, barang ela rek mulangkeun Quran ka kantor, kang adit nu harita sami aya dikantor nyampeurkeun, ngajak kenalan geura” saur ela
“bogoheun meureun nya Yad” ceuk juned bari ngalieuk kakuring sabari ngiceupan
“hmmmmm entahlah mario” ceuk kuring sabari ngangkat dua leungeun jeung taktakna, nirukeun pilm2 telenovela
“Teu eucreug” ceuk juned, sendok nu masih di cekel nakol deui kana sirah kuring
Barang kuring tiluan keur gunem catur, lalaki nu ceuk ela ngaran na kang adit nyampeurkeun. Enya, nyampeurkeun ela.
“ela tacan uih?” tanya kang adit sabari mencrong ka ela sabari imut. Imuut????
“tacan, ieu nuju ngantosan rerencangan” tembal ela bari tungkul. Kuring jeung juned pating haluleng, dianggap tutunggul kuburan kitu nya?
“hayu bisi disauran ema, ulah ameng wae. Sareng we kana motor kang adit” saur kang adit semu maksa
“hatur nuhun kang, ela bade sareng juned we sareng yadi we tos biasa uih sareng rerencangan” tembal ela
Kang adit katingali teu sabar, harita keneh nyampeurkeun ela rek ngajeuwang pananganna tapi teu kebat kaburu aya nu ngagorowok
“hey maneh!!!!” pok na tarik pisan sabari curuk na ngacir nunju-nunjuk ka nu keur ngobrol
Gebeg, kang adit semu reuwaseun kulantaran ti jauh katingali 2 lalaki awakna seseg nyampeurkeun. Kang adit terus mundur sabari amit ka ela
“nya atuh, tipayun nya” saur kang adit sabari nyampeurkeun vespa na, gerung gerung jiuss weh satengah ngebut.
“juned siah ngareureuwas maneh mah euy” ceuk kuring basa manehna jeung jaka nyampeurkeun
“aya naon, aya naon?” tanya jaka
“ari nu tadi saha? Naha make indit?” tanya juned
“teuing, sieuneun ku maneh meureun ned, pedah tadi tutunjuk sabari ngagorowok” tembal kuring bari ngabarakatak
“sora maneh tea siga maung” sambung ramdan
“hor, maksud kuring mah tadi ngagorowok ka maraneh. Duh hampura ela, rerencangan ela na jadi kabur”ceuk juned
“teu nanaon, hayu uih ah”ceuk ela
Atuh geus kitu mah bring we budak 5an eta teh baralik, diselang ku ngobrol kajadian tadi sabari seuseurian
“marukan na kuring ngagorowok ka kang adi mreun nya?” ceuk juned bari seuri ngagakgak
“enya sigana mah, reuwaseun ningali dedegan juned jeung jaka meureun anu seseg” tembal ela embung eleh
“budak STM teaaaaa” ceuk jaka sabari seuri
“wuuuuuuuuu”ceuk kabehan nyurakan sabari nekean sirah jaka.

Lamunan kuring kageuingkeun ku sora adan ashar, “alhamdulillah...” ceuk kuring bari hudang tina ranjang, tuluy ganti baju, beberesih. Asup deui ka kamar nyokot samping sarung tuluy kaluar imah. Kabeneran jaka ge karak kaluar tiimahna rek ka langgar.
“hei yansen!!!” ceuk jaka
“hei jekki!!” tembal kuring embung eleh
“mulang ti langgar ka imah ela yu!” pok na jaka ngajak ka kuring
“teu bisa ayeuna mah” kuring pura2
“euhhh, ari isukan??” tanya jaka bangun kuciwa
“minggu” jawab kuring bari seuri. Jaka mah ngahuleng bangun nu teu ngartieun meunang sabaraha lila
“jadol maneh!!!!” ceuk jaka semu kesel sabari nutupan sirah kuring ku sarungna
“ampun ampun...hayu atuh hayu raden jaka” ceuk kuring bari pakeupis ngaleupaskeun sarung jaka anu ngarungkupan sirah kuring

Kamis, 07 November 2013

Movember

Kemarin, iya kemarin sore menjelang petang sepulang mengantar seseorang yang menjadi rutinitas sehari-hari. Sembari memacu sepeda motor saya tak berhenti berfikir. Tak banyak yang saya ingin fikirkan saat itu, hanya sepenggal kalimat yang kira-kira seperti ini.


jika kita misalkan "mencintai" itu adalah sebuah permainan, maka "dicintai" itu adalah hadiahnya


kira-kira seperti itu, sederhana tapi kadang kita harus meng-iya-kan, biar cepet :)


Selasa, 29 Oktober 2013

Perdana kembali

ehmm, sampurasun.. punten, punten... ari emak aya??

duh berabad-abad ga digarap rasanya kangen juga. kalo diibaratin saung mah kayaknya blog teh udah ga keurus, debu dimana-mana, sarang laba-laba di tiap pojokan, kecoa pecicilan tereleng kesanah kemari, matak ateul pokonya mah.

tapi jangan salah walaupun blog ini jarang tersentuh, tapi kuring tak pernah berhenti menulis. #tsaahhhh... lumayan banyak tapi ya begitulah, sebagian memang konsumsi pribadi sajah.

sebagai contoh kaya nyang bakalan tampil ini nih, itung-itung kembali perdana heuheu, tapi omat...ulah diseungseurikeun.


13813


padamu gemintang dipagi buta
kusampaikan manis ini melalui angin
angin yang membawaku pada waktu itu

selamat, selamat melukis cerita baru
tak lagi ada sisa yang mengendap
hanya tapak-tapak masa yang tak mungkin tersapu
biarlah terkubur perlahan oleh pahatan baru

padamu yang pernah menyentuh dasar jiwa
tenanglah bersama indah senyuman

Minggu, 06 Januari 2013

06-01-13


Dear violin,
Entah kenapa akhir-akhir ini aku ingin sekali menulis. Mungkin karena beberapa tahun ini aku enggan menulis, atau mungkin memang tak ada waktu lagi untuk menulis. Semua cerita mengendap di kepalaku ini, berkarat bahkan sebagian yang lain menguap dan terbawa angin. Lembaran episode cerita yang biasanya tercatat rapih di buku harian, kini hilang begitu saja. Entah kemana.. hanya kemampuan mengingat lah yang sekarang ini aku andalkan,semampuku.

Dan sekarang aku banyak diam, mungkin diam adalah caraku merangkai kasih. Kasih yang selama ini aku ragukan keberadaannya. Siapa yang kini mengukir kasih?? Aku, ya aku yang sedang mengukir kasih untukmu.

Seketika setelah semua hilang, berakhirlah semuanya.

Jumat, 20 Januari 2012

Rapuh

wajahnya rapuh saat mentari manis tersenyum,

menandai sebuah luka yang lama menganga,

raut kesombongan tak juga lenyap dengan segera,

kamu dan dia tertawa diatas otak nyata,

beribu kebohongan mengalir dengan sendirinya,

menghiasi fakta yang terucap dengan biasa,

lalu berputar dalam lingkaran kebodohan,

dan tersungkur hina dalam kemunafikan.


*migrasi: http://my.opera.com/dealfyanov/blog

1701

dan lihatlah kini ku berhenti berlari,
menepi dan menggapai akar yang tak lagi kekar,
berdiri bersandar pada dinding kenyataan,
menatap belakang tanpa penyesalan,

akankah semuanya tetap bisu,
kelu diantara mulut yang membeku,
menari disekitar kebohongan,
menghitung detak nadi dalam kesendirian,
dalam persembunyian……

dan mentari kan slalu memberi,
memberikan harap pada jiwa-jiwa yang siap,
jiwa yang selalu menengadah saat yang lain tertunduk,
jiwa yang selalu tegak berdiri saat yang lain tersungkur,

biarkan smuanya kembali seperti semula,
menepis semua debu yang mengotori harapan,

dan setelah itu,
cahaya baru kan datang menjemputmu,
dengan sejuta pesona membuat mu terpana.


*migrasi: http://my.opera.com/dealfyanov/blog